PEMUDA PERSIS - SAJAK LASUT KU DUNYA [RUSAK OLEH DUNIA]
Rénghap ranyug ieu raga
Karasa beurat mamawana
Asa aya anu nyangreud
Saolah teuleum di talaga dunya
Haté geueum nyakseni diri
Asa jongjon aya nu teu cumpon
Poékeun ku kahirupan
Kawajiban nepi dipopohokeun
Geus teu kabita ku kahadéan
Geus poho kana ganjaran
Kunaon ari kami téh ?
Kasasab pamolah sorangan
Panon nyileuk culang cileung
Aya gé ceuli sadéngé déngé
Biwir balem semu ngadégdég
Saawak-awak sing sariak
Carinakdak teu cireumbai
Ceurik teu ngageunggeuik
Ngingsreuk teu lehoan
Kalawan napsu kapegung nu aya
Naha kami kieu parengna
Ruas roés néang kadunyaan
Kokoséhan sieun kasusahan
Nepi ahérat lapur teu dipikiran
Nun gusti...
kami ngarasa pang hina na
katungkulkeun néang kabagjaan di dunya
nepi ka, teu mikiran liang pajaratan jaga
Nun gusti nu maha asih
lamun mah isuk pagéto...
sésa umur kami keur nénjo tungtung kalangkang
hampura kami hampura